Insya Allah "Sumedang Pasti Hurip"

Hirup Kedah Sareng Huripna, Inysa Allah Sumedang Pasti Hurip


Pidawuh Gusti Alloh dina Al-Qur’an Surat Al-Insan Ayat ka Hiji nétélakeun yén aya hiji mangsa tina fase kahirupan manusa téh, di mana manusa tacan bisa disebut nanaon? Atuh lamun kitu ti mimiti iraha urang bisa di sebut manusa? Da baheula mah urang téh lain manusa, kitu sotéh lamun niténan kana prosés jeung bahan dasar penciptaan manusa.

Mangga urang titénan tur lenyepan ku urang saréréa, mangsa katukang anu geus kaliwat, mangsa di mana urang diciptakeun ku Gusti Alloh. Numutkeun katerangan Mantenna dina Kitab Pusaka urang saréréa anu pas na mah dina surat ka 23 ayat 12-16, urang saréréa dijieun ku Gusti Alloh tina saripati anu asalna ti taneuh, terus di jadikeun cai mani nu di teundeun dina tempat anu tohaga, nyaéta nu disebut rahim téa ngalangkungan prosés hubungan antara lalaki jeung awéwé, sanggeus kitu di jadikeun nuthfah, alaqoh, mudhghoh, ‘idhoman, lahman nu saterusna sanggeus proses penciptaan salila opat bulan leuwih ditiupkeun roh ka jeuro jasad. Teu heran lamun nincak umur kakandungan tos opat bulan leuwih sok aya usak-usik, nandakeun éta téh geus aya kahirupan, jadi hirupna jalma ku rohna.

Tapi, éta wungkul tacan cukup disebutkeun geus jadi manusa, sabab numutkeun aturan hirup urang sadayana dina Surat ka 51 ayat ka 56, tujuan manusa di jieun ku Gusti Alloh téh ngan saukur pikeun ibadah, keur ngajalankeun sakabéh paréntah jeung keur ninggalkeun sakabéh nu dilarang ku Gusti Alloh. Ceuk kasarna mah lamun lain keur ibadah manusa moal diciptakeun atawa dijieun ku Gusti, da hakékatna jelema anu teu ibadah mah teu hirup alias paéh sabab geus nyalahan kana maksud jeung tujuan Alloh nu nyiptakeunnana.
Ti éta katerangan bisa di tarik hiji pamadegan yén ibadah mangrupakeun ciri hirup jeung paéhna manusa, lain ngan saukur pisahna roh jeung jasad.

SANGGEUS HIRUP KUDU HURIP
Naon ari hurip? Hurip sacara harti anu sederhana nyaéta kamakmuran atawa kabeungharan, lamun ku urang disambungkeun jeung konsép agama, hurip ceuk hukum hirup manusa nincak dina ayat ka 30 Surat Al-Baqoroh. Ukuranna lamun
manusa bisa ngajalankeun fungsi atawa kadudukan dirina salaku Kholifah atawa mandataris Gusti di luhureun jagat ieu, anu pagawéan sapopoéna ngajalankeun peran salaku anu nyepeng amanah nanjeurkeun Agama Gusti, Islam ngaranna.
Hirup ukuranna ngabdi ka Gusti lamun hurip mah ukuranna teu khianat kana kadudukan dirina salaku mandataris Gusti Alloh di ieu alam. Lamun urang salaku manusa bisa panceug dina ngabdi jeung ngabakti ka Gusti, Insya Alloh Hirup Urang Pasti Hurip, beunghar tur makmur.

AHAD KEUR SUMEDANG HURIP
Dina sawatara waktu anu bakal datang rahayat Sumedang bakal ngalaksanakeun pesta demokrasi anu tujuanna pikeun milih pamilon ais pangampih ti 2013-2018, pamilon anu maju makalangan aya dalapan pasang bupati jeung wakilna. Ti antara calon nu dalapan éta aya hiji, ngan hiji-hijina bari Nomeur hiji deuih, paslon anu ngusung visi

INSYA ALLAH SUMEDANG PASTI HURIP

Luyu jeung pantes pisan lamun nomer hiji ngusung Visi Sumedang pasti hurip, secara personal antara pamilon Bupati jeung Wakil Bupati sarwa boga kapasitas anu cukup lamun disinérgikeun, saperti kang Rinso tugasna ngurus masalah Hirup urang Sumedang lamun kang Didi mah tugasna ngurus urusan Huripna, lamun teu kitu Sumedang moal hirup dina sakabéh séktorna jajauheun bisa hurip mah.

Ku lantaran kitu, lamun urang Sumedang hayang nanjeur bari barokah tur rahayatna bisa senyum manis, nomer hiji koncina da moal aya dua komo dalapan lamun euweuh angka hiji. Cobi urang titenan ku urang Visi, Misi jeung Program unggulan Paslon nomer hiji.

Visi

Sumedang Pasti Hurip
1. Hirup-hurip lingkungan alamna
2. Usaha lancar tur mekar
3. Riksa kana seni sareng budaya sunda
4. Infrastrukturna Merenah
5. Pinter tur sehat wargana

Misi

1. Mengembangkan agroforestry, agrobisnis dan agrowisata.
2. Mengembangkan infrastruktur wilayah dan pemberdayaa masyarakat.
3. Kembangkan seni, budaya Sunda dan inovasi daerah.
4. Tingkatkan akses dan kualitas pelayanan pendidikan dan kesehatan.
5. Kembangkan sarana dan kelembagaan ekonomi rakyat.
6. Ciptakan iklim yang kondusif bagi investasi dan kemitraan.
7. Ciptakan terselenggaranya tertib hukum yang berkeadilan.

Program Unggulan

1. Agrobisnis dan agrowisata.
2. Pendidikan Gratis dan Beasiswa Prestasi.
3. Kesehatan Gratis.
4. Industri Kreatif Ekonomi Rakyat.
5. Simpan Pinjam Lembur.

Niténan kana Visi, Misi jeung Program Unggulanna Paslon nomer hiji éta, tur bener-bener dina ngajalankeuna moal kudu butuh waktu lila Sumedang bisa hirup bari hirupna téh hurip, sok komo kang Didi didukung ku Alumni ITB anu pangalaman jeung pangabisana moal cangcaya deui, kang R1NSO ogé sarua didukung ku SDM kader nu loyalitas jeung militansina ka uji. (D1D1-R1NSO)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Penayangan bulan lalu

Recent Posts